Saturday, March 03, 2007

 

Harita teh halal bi halal Kusnet di Cibatu, Garut. Kuring ngobrol jeung Kang Iwan, Kang Syam, jeung Kang Eko. Satengahing Kang Iwan ngobrolkeun pangalamannana, obrolan teh nyalenggor kana perkara Gunung Galunggung. Utamana Kang Eko, nu medar pangalamannana mangsa eta gunung ngabeledug taun 1982.

Keur kuring, pangalaman Kang Eko eta matak helok. Wuwuhan, waktu Galunggung bitu teh anjeunna kaitung masih budak. Kasawang kumaha molohokna Kang Eko ningali fenomena alam nu pikaahengeun siga kitu.

Kuring jadi hayang nyaho leuwih jauh. Kumaha pangalaman urang Tasik hususna, urang wewengkon lianna umumna, mangsa Galunggung bitu. Ahirna kuring meredih ka anggota milis tasik sangkan medar pangalamanna sewang-sewangan. Nya web ieu hasilna.

Insya Allah, perkara Galunggung ieu rek ditambahan ku informasi-informasi lianna sabudeureun Galunggung. Boh tina jihad geologi, budaya, oge sosial ekonomina. Sugan bae jadi manfaat ka jalma loba. Amin.

 

 

Posted by Galunggung at 04:21:39 | Permanent Link | Comments (0) |